Vampir Ngadu Jajaten

Punten abdi teu terang saha nu nyerat ieu. Kenging ti milis internal. Nyuhunkeun widi ka nu nyerat diposting didieu nya.

Aya vampir tiluan keur ngumpul di gunung rek ngadu jajaten.

Nu pangkolotna ngomong, “Tungguan sakeudeung …” belesat! ngapung.
DUA MENIT geus balik deui bari sungutna getih wungkul
“Kaciri lembur itu?”, ceuk manehna bari nunjuk ka lebah kenca.
Enya ..” ceuk nu duaan deui
“Ku aing kabeh jelema di dinya beak getihna disedot”

Giliran nu kadua, “Dewekeun …”, belesat! leungit saharita
SATENGAH MENIT geus mucunghul deui bari sungutna jeung irungna pinuh ku
getih
“Kaciri kota nu itu?”, ceuk manehna bari nunjuk ka lebah katuhu.
“Enya ..” ceuk nu duaan deui
“Ku dewek saat kabeh getihna disedot”

Nu pang ngorana teu loba omong, ngabelesat leungit saharita!
LIMA DETIK! geus datang bari getih ngucur keneh tina beunguetna
“Kaciri tihang listrik nu itu?” ceuk manehna bari nunjuk ka tengah
” Enya ..” ceuk nu duaan deui
“Ku uing bieu teu kaciri…!”

Wilujeng

Ngahaturan wilujeng ngajalankeun ibadah shaum dina sasih Ramadhan 1418 H ka sadayana nu shaum. Ka nu teu shaum nya wilujeng oge lah *gagaro teu puguh*. Mugi-mugi urang sadayana dipaparin rahmat ku Allah SWT.

Basa Sunda bisi Hilap (kanggo nu nuju ngumbara)

Punten da ieu teh kenging kupipes deui wae tina milis. Nu kagungan carios, nyuhunkeun idin nya ku abdi kupipes didieu.

AngkotTeu di Bandung teu diTasik, teu di Garut boa ketang di Batam mah beda…. eta kalakuan kenek angkot dimana wae lamun jojorowokan nawarkeun jurusan angkotna atawa nanyakeun nu erek turun atawa eureun ka panumpang sakapeungmah matak piambeukeun, pikabingungeun anu kakara tapi lamun geus apal mah sok hayang seuri, geura reungeukeun :di Bandung : “Gede….. Panjang……Gede…..Panjang……!!” Lajengkeun maos

Hurup E: Taling jeung Pepet

Mangga diaos, kadé tipaparétot!

Kajadian basa di Sérang, jéger-jéger anu biasa mangkal di términal diserang ku pulisi Sérang, jegér-jegér ditémbakan jeger jeger… jéger ngababatang di sisi serang sawaréh berebet ngaberebet lalumpatan, bérébét-bérébét sora bedil ngabérébét jéger-jéger dibérébét ku pulisi, kapaksa kuring milu ngaberebet ngajleng ka sisi serang na galengan, perang euy…… perang euy! Tingali jukut jeung tutuwuhan séjénna pérang ka idek ku nu ngaberebet, bari ngadepong ras inget kana kerak di imah… moal paéh kitu……. da kamari téh diparaban kerak!

Tambihan Rupi-Rupi Hitut

Jalma nu sholeh (teuing..)
Mun tos hitut langsung wudlu.

Jalma nu tos operasi
Biasana ngantosan hitut heula nembe tiasa emam bubur..(nyambung teu…??)

Jalma nu hitut wae
Anu teu miceun 3 dinten (ngawartosan ieu mah…)

Jalma nu efisein
Bari hitut bari miceun

Jalma nu kreatif
Bari ngalukis hitut

Jalma nu ngarusak suasana
Nuju ML hitut

Tiasa ditambihan deui ku nu sanes.. pami aya diantos!

Judulna Teu Aya Damel

Kenging kupipes:

Daripada rieut ku banjir, urang seuseurian we yuuu..

Jalma jujur
Jalma nu daek ngaku mun geus hitut

Jalma teu Jujur
Jalma nu hitut tuluy nyalahkeun batur
Lajengkeun maos

Siope

Baheula keur budak, remen ngadenge kecap “siope”, nu dina basa Indonesia mah asa rada sarua jeung kerja bakti. Siope diayakeun meh sabulan sakali, ti mimiti keur meresihan kamalir, meresihan jalan ka cai (paragi mandi babarengan) nepi ka nu rada gede nyieun jalan kampung upamana.

Siope ieu sipat na wajib keur sakabeh warga, mun teu bisa datang kudu mayar nu gedena harita teh sarebu rupia. Ku ayana siope, karasa sapanjang jalan jadi beresih atuh arang langka kabanjiran da puguh kamalirana oge diropea.

Beh dieu, aya program JPS (jaring pengaman sosial .. bener teu nya), ti harita siope tara aya deui, sagala pagawean nu pakait jeung kapentingan umum, jadi ilahar pakait jeung duit JPS tea. Ku ayana JPS ieu, jukut sisi jalan nu lain hareupeun imah jadi ngajejembrung, pon kitu deui kamalir tur jalan ka cai.

Lajengkeun maos

Ramadhan di Priangan, Katukang jeung Kiwari

Dina taun 2006 M atanapi 1427 H ieu tangtos bénten sareng taun-taun kapungkur. Utamina dina perkawis ngabuburit.  Dinten kamari sim abdi calik di payuneun toko roti di jalan Kepatihan, Bandung.  Ningalikan jalmi nu sakitu réana di jalan, pabaliut sareng rupi-rupi kandaraan; béca, motor, angkot, puguh ari mobil mah,  rébo ogé ku balanjaan, sareng pahibut jeung tukang dagang nu nawiskeun tajil. Tangtos upami di sakuliah jalan Otista palebah Pasar Baru mah, macétna tos moal katulungan deui. Teu acan aya robihna ti taun-taun kapengker, nu daragang réa nu minuhan ka jalan. Lajengkeun maos

Reinkarnasi

Bieu, basa keur nyimpen sepeda di parkiran bank, kuring panggih jeung kapala sakola Aiko, nu karek kaluar ti bank tur rek ka sakola make sapeda. Ras inget poe sejen, harita rada girimis, panggih oge, ngan harita mah anjeunna kana mobil. Jadi keur anjeunna, boga mobil leuwih keur fungsina lain keur gaya.

Pirajeuneun nempo di sakola Aiko, kabeh guruna nu jauh, marake mobil, sedengkeun nu deukeut kana sapedah, meureun pedah nempo conto nu jadi kapala sakola, sakirana deukeut tur bisa kana sapedah mah, teu kudu make mobil. Jadi, conto pamingpin ku kalakuan leuwih hade tinimbang ku ucapan. Lajengkeun maos

Wilujeng Sumping

Wilujeng sumping di blog Béja, blog nu dihaturkeun ku urang Sunda, nganggé basa Sunda.

Design a site like this with WordPress.com
Get started